Skip to main content

Sono basa Sunda

Tadi peuting, kuring ngarasa kasurupan. Beu! kasurupan? Teuing kasurupan ku naon atawa ku sahana mah. Ngan tadi peuting teh kuring sacara teu sadar nyarita make basa Sunda nu teges bari jeung siga nu koloteun. Basa Sunda teges maksud kuring teh nyaeta basa Sunda nu teu dicampur ku basa sejen. Aya istilah nu leuwih merenah? Bejaan kuring. Jeung bener koloteun, lain kokoloteun. Buktina, batur nyarita nu harita keur jauh nyatujuan yen kuring teh kawas nu koloteun. Da lamun kokoloteun mah kudu katingali ku tetenjoan, lain kadenge sorana. Heup!

Sanggeus pangalaman tadi peuting, pabeubeurang kuring ngawangkong jeung batur sakantor. Dina salahsahiji obrolan, kuring make paribasa Sunda. Geus kitu ditembalan ku paribasa deui.

Kieu cenah (harita teh keur ngawangkong soal artikel blog nu saacan ieu):

Batur Gawe: taksi naon judulna?
Si Aa Ganteng: xxx taksi
Si Aa Ganteng: sareng taksi yyy
Si Aa Ganteng: xxx nu asalna sae
Si Aa Ganteng: tapi jadi kacau
Batur Gawe: oooohhh...
Si Aa Ganteng: lamun siang2 mah teu masalah, ngan mun tos wengi, asa aya jalan komo meuntas
Batur Gawe: ceileeee pake peribahasa
Si Aa Ganteng: ulah gagabah
Batur Gawe: mobo manggih gorowong sigana mah tukang taksi teh
Si Aa Ganteng: taaaaaaah eta
Batur Gawe: hahahahaaa
Si Aa Ganteng: nu mobok manggih gorowong
Batur Gawe: asa pelajaran basa sunda
Si Aa Ganteng: rek nyieun liang, malah aya guha
Si Aa Ganteng: nya puguh we kokomoan
Si Aa Ganteng: siga nu murag bulu bitis
Si Aa Ganteng: *teu nyambung*
Batur Gawe: okeh okeh cukup, nu lieur beuki lieur
Batur Gawe: enya ih nu bener mah sapiri umpi
Si Aa Ganteng: sami wae
Si Aa Ganteng: nu penting mah ulah dikompet daunkeun
Batur Gawe: sakompet daun
Si Aa Ganteng: nya kitu, harilap deui
Batur Gawe: :p

Lain rek agul kuring apal paribasa Sunda bari jeung bener, da henteu, tapi asa waas. Asa inget deui pangajaran Basa Sunda di SD jeung SMP. Asa inget deui ka kolot2 sim kuring nu sapopoena make basa Sunda. Enya, jadi inget ka aranjeunna. Sakapeung mah indung atawa nini kuring make kecap anu kuring teu apal, tapi nyatana eta teh kecap dina basa Sunda nu bener. Lah, geus teu inget kecap naon2na mah. Kitu we pokona mah.

Jadi sono lembur (pan kamari karek balik?). Jadi sono lingkungan nu nyunda. Jadi sono kana kabeungharan budayana, enya ge kuring mah teu bisa nabeuh alat musik Sunda hiji2 acan. Tapi ari ngadengekeun atawa lalajo mah nya resep we.

Asa nyambung we, kitu, jeung pangalaman peutingna. Tapi teu matak aheng, da kuring mah urang Sunda. Ti leuleutik digedekeun di lingkungan Sunda, jadi teu aneh mun sakali2 kasurupan lodaya nu biasa ngajaga Prabu Kean Santang. Ah, dasar wadul!

"Sudah, Dek, curhatnya cukup sekian. Pendek, ngelantur, dan engga nyambung dengan apapun. Cukuplah."

Comments